RSS

Wanci Sunda

15 Sep

Wanci/ Waktu nya éta hiji bagian tina sistem ukuran pikeun ngabandingkeun lila lumangsungna kajadian-kajadian sarta selang antara kajadian-kajadian anu dimaksud.Urang sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina sapoé sapeuting saméméh ngabogaan arloji atawa béker. Ngaran-ngaran waktu umumna dumasar kana kajadian anu kaalaman ku dirina jeung alam sakurilingna anu méré ciri yén urang sunda mah kacida dalitna jeung alam sakurilingna.

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam

1. Wanci tumorék nya éta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.00
3. Wanci janari leutik nya éta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.00
5. Wanci disada rorongkéng nya éta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
6. Wanci haliwawar nya éta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00
8. Wanci balébat nya éta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
9. Wanci carancang tihang nya éta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nya éta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
11. Wanci haneut moyan/laér kanjut nya nya éta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
12. Wanci rumangsang nya éta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14. Wanci manceran/tengah poé nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
15. Wanci lingsir ngulon nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
16. Wanci panonpoé satungtung nya éta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
17. Wanci tunggang gunung ny éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
18. Wanci sariak layung nya éta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
19. Wanci érang-érang nya éta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
20. Wanci sareupna/harieum beungeut nya éta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
21. Wanci sareureuh gaang nya éta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
22. Wanci sareureuh budak nya éta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
23. Wanci sareureuh kolot nya éta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
3. Subuh kira-kira tabuh 04.30-05.00
4. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.00
5. Lohor kira-kira tabuh 12.00
6. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
7. Asar kira-kira tabuh 15.30
8. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa,

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
2. Beurang nya éta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
5. Peuting nya éta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
6. Poé ieu nya éta waktu anu ayeuna keur dilakonan
7. Isukan nya éta sapoé nu bakal datang
8. Pagéto nya éta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
9. Pagéto amat nya éta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
10. Kamari nya éta poé nu geus kaliwat sapeuting
11. Mangkukna nya éta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
12. Tilu poé ka tukang nya éta waktu nu geus kaliwat tilu poé.

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon

1. Ayeuna nya éta waktu nu keur dilampahan
2. Bieu nya éta waktu nu cikénéh karangdapan
3. Cikénéh nya éta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
4. Tadi nya éta waktu nu can lila kaliwatnawikipedia
5. Engké/mangké nya éta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman

1. Kiwari nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nya éta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang
7. Baring supagi nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Sesebutan Waktu Séjénna

1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh
5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon
6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.

Usum-Usuman

Usum-usuman nya éta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu. Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti dihandap ieu.

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam

1. Usum mamaréng nya éta usum mimiti ngijih
2. Usum ngijih nya éta waktu mindeng turun hujan
3. Usum dangdarat nya éta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
4. Usum katiga nya éta usum halodo, usum teu hujan
5. Usum barat nya éta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
6. Usum selatan nya éta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat

1. Usum ngagebug nya éta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
2. Usum sasalad nya éta usum loba panyakit nu babari tépa
3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin
4. Usum paceklik nya éta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
5. Usum tigerat nya éta usum paceklik
6. Usum nguyung nya éta usum paceklik.

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah

1. Usum nyambut nya éta mangsa ngagarap sawah
2. Usum tebar nya éta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
3. Usum tandur nya éta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
4. Usum ngarambét nya éta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
5. Usum celetu nya éta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
6. Usum beukah nya éta mangsa paré areusian, bareukah
7. Usum rampak nya éta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
8. Usum beuneur héjo nya éta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
9. Usum pibuateun nya éta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
10. Usum panén nya éta mangsa paré diala (dibuat).

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma

1. Usum nyacar nya éta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
2. Usum ngahuru nya éta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
3. Usum ngaseuk nya éta mangsa melak paré huma
4. Usum ngoréd/ngoyos nya éta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
5. Usum dibuat/ngétém nya éta mangsa ngala paré (maké étém).

sumber: wikipedia

 
3 Comments

Posted by on 15 September 2012 in Kamaheran Seni&Budaya

 

Tags: , , , , , ,

3 responses to “Wanci Sunda

  1. ciburuan

    7 January 2013 at 17:36

    Wah langkung lengkep di dieu mah ciri wancina ….

    Nuhun pisan inpona.

    Nyanggakeun salam pangwanoh wae ti urang lembur di pasisian Sumedang

     
    • ebelbells

      25 January 2013 at 04:03

      haturnuhun mugia katampi kalawan salam pangbaktos oge ti sim kuring pituin ciamis, 🙂

       
  2. Kang Saepul Basar

    24 May 2016 at 04:15

    katampi pisan, htr nhuunnn…

     

Leave a comment